Jasad - Kujang Rompang lyrics

Published

0 121 0

Jasad - Kujang Rompang lyrics

Manjing kana waktuna Ninggang kana mangsana Muru maluru beh ditu Nungtik nyungsi nu kamari Hudang pikeun tandang nu kiwari Ngundeur meureun ngala sugan Hana nguni hana mangke Tan hana nguni tan hana mangke * Aya baheula, aya ayeuna Moal aya ayeuna mun euweuh baheula Aya indung, aya bapa Indung nu ngandung bapa nu ngayuga Aya indung, aya surga Aya bapa aya dunya Du'a indung jadi jimat Jampe bapa jadi ubar Pikeun lengkah Pikeun tandang Ngadekeun ajen Kisunda Laku lampah nu utama Nyebarkeun asih kasasama Tingkah polah sing merenah Sangkan panggih Kamulyaan Kajembaran Kawaluyaan Karahayuan Congkrang kujang ngajirim nonoman Nu gede wawanena Panceg dina galur Salawasna akur jeung dulur Panceg dina galur Babarengan ngajaga lembur Panceg dina galur Moal ingkah najan awak lebur Panceg dina galur Salawasna akur jeung dulur. Panceg dina galur Babarengan ngajaga lembur Panceg dina galur Moal ingkah najan awak lebur Munut ridho Gusti Ngalap berkah Gusti Nu Maha suci Munut ridho Gusti Ngalap berkah Gusti Sang Hyang widhi Bral geura miang Tandang makalangan Nanjeurkeun kabeneran Ngawangikeun bumi Pasundan Sok geura hudang Tandang makalangan Sanghareupan musuh Najan palastra nepikabinasa Sakabeh nu gumelar didunya Bakal panggih jeung ajalna Ngan nu mangpaat pikeun sasama Anu bakal abadi Ngarana ditulis dina prasasti kahirupan Laku lampahna turuteun pikeun anak incu Kujang nu nyurup kana raga Anu nyieup kana wanda Ngajirim jadi nonoman sunda Sinatria ti tanah pasundan Nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan Teu keuna ku owah gingsir Teu kasilih ku junti Ganjaran nu belapati, satria santosa iman, Sinatria pilih tanding Lalaki lalanang Jagat